Selasa, 25 Juni 2019

Carita sunda SD SUKANGENAH

SD Sukangeunah guruna istri sadayana,
nyaeta :

Bu Ruti,
Bu Tati,
Bu Juriah,
Bu Jali,
Bu­ Rita,
Bu Cati,
Bu Siatun
Bu Kurnia
sareng guru honor namina Neng Teti.

Hiji mangsa Bu Tati ngobrol sareng Neng Teti"

Bu Tati : Neng Tet, pami bumina Bu Jali palih mana?"

Neng Teti : "Bu Jal mah tonggoheun rorompok Neng Tet bu.. !

Bu Tati : "pami Bu Juriah?"

Neng Teti : "pami Bu Jur mah pengkereun bu !

Bu Tati : pami Bu Cati?"

Neng Teti : "Bu Cat mah lebakeun bu!

Bu Tati : "pami Bu Rita ?"

Neng Teti : Tah pami Bu Rit mah rada tebih, tapi saurna engkin Bu Rit, Bu Jal sareng Bu Jur bade ngararujak di rorompok".

Bu Tati : Ooh kitu nya ! Ari Bu Cat ngiring moal, saurna?

Neng Teti : "Nya tangtos atuh margi pami teu sasarengan Bu Cat mah moal raos"

Bu Tati : "muhun nya Neng Tet, moal raos pami teu sasarengan Bu Cat mah, dupi Bu Ruti kumaha?"

Neng Teti : Duka tah rupina mah Bu Rut mah moal, da Bu Rut mah sieuneun Bu Cat!

Bu Tati : Ari Bu Siatun sumping oge?

Neng Teti : oh pami Aya Bujur Pasti Bu Siat oge ngiring kaluar Sareng Bu Kur ..

Heuheu...hapunten rada cawokah. Punten pisan...

Carita sunda ABAH JALAN JALAN KA JEPANG


Caritana Abah jalan-jalan jeung si Ambu ka Ginza Jepang.
Geus jam 2 beurang can dahar waé, atuh puguh lapar pisan.
*Abah*: "Ambu lapar henteu?"
*Ambu*: "Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu"
*Abah*: "Tuh aya restoran nu palayanna maké robot!"
*Ambu*: "Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana"
Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.
Gék diuk pahareup-hareup. Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong.
*Robot*: "What is your nationality?"
*Abah*: "Indonesia"
*Robot*: "Selamat datang", langsung nerjemahkeun maké bahasa Indonesia.
"Apa bahasa daerah anda?", robot nanya deui.
*Abah*: "Sunda"
*Robot*: "Wilujeng sumping. Badé pesen naon?" ceuk robot langsung otomatis maké basa Sunda
*Abah*: ,"Canggih ", bari ngaharewos.
*Ambu*: "Aya lotek?"
*Robot*: "Aya"
*Abah*: "Pesen dua porsi"
*Robot*: "Porsi ageung atanapi alit?"
*Ambu*: "Porsi ageung"
*Robot*: "Sabaraha céngékna?"
*Ambu*: "Nu hiji dua, nu hiji sapuluh"
*Robot*: "Nganggo kangkung?"
*Abah*: "Enya"
*Robot*: "Nganggo waluh?"
*Abah*: "Hee euh"
*Robot*: "Nganggo engkol?"
*Abah*: "Enyaaaaa"
*Robot*: "Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?
*Abah*: "Nu mana waé lah", rada ambek.
*Robot*: "Kacangna badé diréndos atanapi diblénder? "
*Abah*: "Kumaha sia!"
*Robot*: "Kacangna setengah mateng atanapi mateng?"
"Goréng sing garing!", ceuk *Abah* ngamuk.
*Robot*: "Nganggo goréng bawang henteu?"
"Maké, kéhéd!" *Abah* sesengor tarik.
*Robot*: "Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?"
"Dipiringan!", ngadat *Abah*.
*Robot*: "Lisahna mantega atanapi lisah kalapa?"
*Abah*: "Jalantah..! Kuya!" bari ambek.
Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.
Kira-kira 10 menitan kakara robot téh ngomong deui:
"Hatur nuhun, pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan"
*Abah*:  "Naha? Geus lila-lila aing ngomong jeung sia?"
*Robot*: "Kumargi teu acan aya bahanna. khususna,Jalantah, Kuya, sareng Kehed"
*Abah*: "Bisa gélo aing mun lila di Jepang..! 👀