Selasa, 25 Juni 2019

Carita sunda ABAH JALAN JALAN KA JEPANG


Caritana Abah jalan-jalan jeung si Ambu ka Ginza Jepang.
Geus jam 2 beurang can dahar waé, atuh puguh lapar pisan.
*Abah*: "Ambu lapar henteu?"
*Ambu*: "Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu"
*Abah*: "Tuh aya restoran nu palayanna maké robot!"
*Ambu*: "Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana"
Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.
Gék diuk pahareup-hareup. Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong.
*Robot*: "What is your nationality?"
*Abah*: "Indonesia"
*Robot*: "Selamat datang", langsung nerjemahkeun maké bahasa Indonesia.
"Apa bahasa daerah anda?", robot nanya deui.
*Abah*: "Sunda"
*Robot*: "Wilujeng sumping. Badé pesen naon?" ceuk robot langsung otomatis maké basa Sunda
*Abah*: ,"Canggih ", bari ngaharewos.
*Ambu*: "Aya lotek?"
*Robot*: "Aya"
*Abah*: "Pesen dua porsi"
*Robot*: "Porsi ageung atanapi alit?"
*Ambu*: "Porsi ageung"
*Robot*: "Sabaraha céngékna?"
*Ambu*: "Nu hiji dua, nu hiji sapuluh"
*Robot*: "Nganggo kangkung?"
*Abah*: "Enya"
*Robot*: "Nganggo waluh?"
*Abah*: "Hee euh"
*Robot*: "Nganggo engkol?"
*Abah*: "Enyaaaaa"
*Robot*: "Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?
*Abah*: "Nu mana waé lah", rada ambek.
*Robot*: "Kacangna badé diréndos atanapi diblénder? "
*Abah*: "Kumaha sia!"
*Robot*: "Kacangna setengah mateng atanapi mateng?"
"Goréng sing garing!", ceuk *Abah* ngamuk.
*Robot*: "Nganggo goréng bawang henteu?"
"Maké, kéhéd!" *Abah* sesengor tarik.
*Robot*: "Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?"
"Dipiringan!", ngadat *Abah*.
*Robot*: "Lisahna mantega atanapi lisah kalapa?"
*Abah*: "Jalantah..! Kuya!" bari ambek.
Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.
Kira-kira 10 menitan kakara robot téh ngomong deui:
"Hatur nuhun, pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan"
*Abah*:  "Naha? Geus lila-lila aing ngomong jeung sia?"
*Robot*: "Kumargi teu acan aya bahanna. khususna,Jalantah, Kuya, sareng Kehed"
*Abah*: "Bisa gélo aing mun lila di Jepang..! 👀

Tidak ada komentar:

Posting Komentar